van dorpOleh : Irfan TP*

Mun ras inget kana hiji kawih nu sok ditembangkeun ku indung baheula, cenah majarkeun téh “geura sakola ka Bandung, geura nyiar elmu luhung”. Tétéla geuning ti baheula kénéh gé di Bandung mah geus remen ku toko buku. Nya apanan buku téh minangka salah sahiji jalan pikeun ngahontal élmu pangaweruh jampé pamaké. Di dieu pisan kuring baris nuliskeun sawatara toko buku heubeul nu kungsi aya di Kota Bandung. Kiwari mah réréana geus teu aya di kieuna, tapi sababaraha hiji aya kénéh raratanna. Malahmandar aya manpaatna, mangga nyanggakeun saaya-aya.

Urang mimitian ti Jalan Perintis Kemerdékaan atawa viaduct, di dieu baheula aya hiji toko buku nu ngaranna A.C. Nix & Co. Di mana cenah persisna éta toko buku jaman Walanda téh? Sigana moal bireuk deui, di jalan éta aya hiji bangunan nu agréng nu jadi kantor BNI, tah di dinya pisan A.C. Nix & Co. baheula ngajalankeun usahana. Ari mimitina mah, saacan pindah ka Jl. Perintis Kemerdékaan (Landraadweg) éta toko buku téh kungsi nempatan hiji wangunan di Jl. Naripan.

Antara BNI jeung gedung “Indonesia Menggugat” nu baheula mah dipaké pengadilan atawa landraad, aya hiji jalan leutik atawa gang nu ngaranna gang Babakan Ciamis. Di dinya mun diilik-ilik loba tulisan “Assénik”. Ti mimiti pangkalan ojég, béngkél, nepika nu dagang gulé jeung soto gé maké ngaran Assénik/A.C. Nix. Tangtu ieu aya hubunganna jeung toko buku anu keur dicaritakeun, tapi mimitana kumaha kuring teu pati apal. Kungsi dina hiji poé kuring tatanya ka sababaraha kolot nu aya di éta gang, tapi waleranna asa patébih jeung katerangan nu aya dina buku.

A.C. Nix & Co. usahana kaasup gedé jeung maju, da éta wé dina keur jenengna mah kungsi ngasaan boga cabang di Amsterdam sagala. Sanajan nganjrekna di Bandung, tapi ari lolobana mah medalkeun buku ngeunaan Hindia Walanda atawa Indonesia anyeuna mah, éta gé aya sababaraha buku ngeunaan Bandung, ngan teu pati loba. Salah sahiji buku nu kungsi dipedalkeun téh nyaéta buku nu dikarang ku Victor Ido (penyiar di radio NIROM). Medalna taun 1936, nu jejerna Indie in den Goeden Ouden Tijd.

Taun 1950-an saanggeus Indonésia merdéka, A.C. Nix & Co. ngaranna robah jadi NV. Masa Baru. Tapi teu lila ti harita robah deui jadi NV. Ganaco. Nya ti dieu pisan mimitina medalkeun buku-buku carita pikeun barudak jeung buku pangajaran di sakola. Di antarana waé :  Batok Bulu Eusi Madu (Nj. S.S. Suwadi, 1956), buku pangajaran basa Sunda Kandaga (R. Momon Wirakusumah, I. Buldan Djajawiguna; 1957), Sedjarah Sunda (ma’mun Atmamihardja, 1958), jeung Di Lembur Kuring (Sjarif Amin, 1964).

Ti viaduct urang teruskeun ka belah kidul, nyaéta ka toko buku Van Dorp & Co. Toko buku ieu persisna nu anyeuna Gedung Landmark nu di Jalan Braga téa. Anyeuna mah bagéan handapna sok dipaké paméran buku jeung paméran gawé, maksudna keur jalma-jalma nu nyiar pagawéan. Belah luhur dipaké tempat hiburan peuting paragi jalma-jalma nu ngadon ka disko. Tapi mun nempo riwayat ka tukang, tisaprak dipimilik ku Pamaréntah Indonesia, gedung ieu ngalaman sababaraha kali parobahan; nepi ka ahir taun 1972 kungsi jadi toko buku nu ngajual ogé alat tulis jeung alat kantor.  Tuluy bangunan ieu kungsi kosong nepi ka taun 1980-an. Ti harita dipaké deui paragi tempat biliar jeung bioskop. Ti ahir taun 1980-an nepika anyeuna dipaké siga nu geus dijelaskeun di luhur.

Gedung Landmark dijieun ku urang Walanda, jenenganna Ir. C.P. Wolff Schoemakér di taun 1922. Hareupna, kénca katuhu, aya sirah Batara Kala, anu maksudna jang ngasupkeun warna kadaérahan.

Di taun 1940-an munggaran, toko van Dorp kungsi medalkeun hiji buku ngeunaan pepelakan. Buku nu disusun ku M.L.A. Bruggemen jeung sadérék Ojong Soerjadi nu jadi tukang ngagambarna, dibéré jejer “Indische Tuinbloemen”. Buku ieu kaasup buku nu mahiwal, naon sabab? Nyaeta aya 107 bagéan nu kosong, tapi anéhna aya katerangan ngaran kekembangan di handapna.

Kaayaan kieu tangtu nyieun kapanasaran ka nu rék mareuli. Kumaha henteu atuh, ari ngaran kembangna aya, ari gambarna euweuh. Tah, sihoréng jang ngalengkepan bagéan nu kosong téh nyaéta kudu meuli gambarna hiji-hiji. Minangka kadeudeuh, tiap-tiap jalma nu meuli hiji gambar kembang, baris dibéré bibit kembang nu sarua eujeung gambar nu dibeuli. Teu kapalang méré, potna ogé sakalian dipasrahkan ka nu meuli.

Cara dagang model kieu mémang didukung ku ayana pasar kembang nu baheula aya di hareupeun toko van Dorp. Jadi bibit kembang téh teu hésé néanganna. Kusabab paménta langganan sakitu lobana, tina buku “Indische Tuinbloemen” ieu nepi ka kungsi ngajual sajuta bibit kembang jeung potna dina jero waktu sabulan.

Buku nu lakuna kacida gedé lain ukur éta sabenerna mah, sabab van Dorp ogé kungsi ngajual buku ensiklopédia nu jejerna “Winkler Prins”, buku ieu kajual kurang leuwih 2000 jilid. Buku karangan D.F.W. Stapel ogé nu jejerna “De Geschiedenis van Nederlandsch” kungsi kajual leuwih ti satengah jumlah pedalanna. (Hanca)

  • Irfan TP : Tukang menyampul buku, peminat sastra & sejarah, bergiat di Komunitas Aleut
Advertisements