de-vries-2Oleh : Irfan TP*

Ti Jalan Braga anyeuna urang tuluy rada ka belah wétan, nyaéta ka Jalan Lémbong. Di dinya aya hiji pamedalan jeung toko buku jaman baheula, ngaranna M.I. Prawira-Winata. Diadegkeun dina taun 1920-an, toko buku ieu mangrupakeun toko buku nu munggaran nu dipimilik ku kaom pribumi di Bandung. Nya ti dieu ogé mimitina buku-buku Basa Sunda diwanohkeun. Tempatna aya di Jl. Lémbong nu anyeuna di dinya pisan ngadeg Hotél Royal Palace.

Saacan jadi Hotél Royal Palace, urut toko buku ieu kungsi dibeuli ku Pension van Rhijn dina taun 1936. Hal ieu dina raraga ngaleugaan wewengkon hotél. Saanggeus Indonesia merdéka, Pension van Rhijn tuluy jadi Hotél Astoria, teu lila robah deui jadi Hotél Istana I jeung II.

Jiga ilaharna toko buku jaman baheula nu lolobana miboga ogé usaha pacitakan buku, Prawira-Winata oge boga nu alamatnya di Jl. Kaca-kaca Wétan, teu jauh ti Simpang Lima.

Iwal ti medalkeun buku-buku Islam nu di antarana baé; Wawatjan Sadjarah Ambia (M.H. Moehammad Moesa, 1926), Hadis Mi’radj atawa Pangapoengan Kandjeng Nabi Rosoel’oellah (H. Hasan Moestapa, 1926), Prawira-Winata medalkeun ogé buku-buku banyolan jeung carita-carita ti para pangarang Sunda nu geus kawéntar, di antarana nyaéta; Wawatjan Endén Sari-Banon, Tjarios Istri Rajoengan (R. Memed Sastra-Hadi Prawira, M.I. Prawira-Winata, 1923), Wawatjan Rangga-Woeloeng (Soemaradiredja, 1925), Wawatjan Djaka-Oembaran (Soemaradiredja, 1920-an), Wawatjan Roesiah noe kasép (1920-an), Wawatjan Roesiah noe Geulis (1920-an).

Dina ngajalankeun usana, M.I. Prawira-Winata ngabogaan kasadaran nu hadé kana hukum. Tiap-tiap naskah anu ditarima, anjeunna sok meuli hak cipta nu nulis, tuluy hak cipta éta ditangtayungan. Matak teu anéh dina tiap buku sok aya tulisan “anoe gadoeh hak kana ieu boekoe” jeung “nu sanés teu kenging njitak, disengker koe Staatsblad 1912 No. 600 art. 11”.

Lian ti éta, nu gaduh toko buku gé sok masang fotona nyalira dina tiap-tiap buku, jeung sacewir kertas nu aya tulisan ngaran éta toko buku. Jang ngaronjatkeun usahana, nu gaduh toko buku sok masang iklan dina koran Basa Sunda, nyaéta Sipatahoenan.

Anyeuna urang balik deui ka belah kulon, tapi mangké urang méngkol ka katuhu di Jl. Telepon, pas deukeut Musium Mandala Wangsit Siliwangi. Urang leumpang sababaraha méter mangké brasna ka Jl. Naripan, tangtu bakal langsung nénjo gedung Bank BJB nu urut Bank DENIS baheula mah. Ti dinya méngkol deui ka kénca, nuturkeun Jl. Braga ka belah kidul. Di tungtung jalan urang baris manggihan Kimia Farma, tah di dinya pisan baheula kungsi aya toko buku G. Kolff & Co.

Kolot baheula mah masih kénéh nyebut Rathkamp kana eta bangunan téh. Sabenerna baheula lain ukur toko buku nu nyicingan éta gedung téh, tapi aya ogé nu dagang roko jeung bako, sarta dipaké oge jang kantor ku N.I. Escompto Bank. Toko Dunlop jeung apotek Volharding kungsi ogé nganjrek di ieu wangunan.

Ngeunaan toko buku G. Kolff & Co., kuring teu pati loba manggihan béja, ngan ukur samet aya nu nyebutkeun yén toko buku ieu boga ogé cabang di Batavia.

Nampeu pisan ti Rathkamp mah ka urut toko buku Klass de Vries & Jan Fabricius téh. Jeung pangpangna mah tulisanna gé aya kénéh nepi kiwari. Bisa disebut wangunan de Vries téh wangunan nu ka asup pang mimitina di sakuliah dayeuh Bandung mah. Anyeuna wangunanna masih kénéh alus, jeung dijadikeun museum ku Bank NISP. Ari mimitina mah de Vries téh ngan ukur warung leutik nu lebahna di belah kalér alun-alun, nu anyeuna jadi BRI Tower.

Gedung de Vries téh ayana di Jl. Asia Afrika atawa Jalan Raya Timur baheula mah, atawa mun béh ditu deui de Groote Postweg ngaranna téh. Ieu gedung dijieun ku R.A Kern di taun 1899, tuluy dialusan deui di tahun 1909 ku Biro Arsitek Edward Cuypers Hulswitt. Hal ieu dina raraga ngigelan jaman, da puguh gé ka tompérnakeun mah dayeuh Bandung jeung seni Arsitektur gé beuki deui beuki maju.

De Vries téh minangka toko pang lengkepna baheula mah, da toko-toko nu di Jl. Braga jeung Pasar Baru tacan pati loba. Ari nu sok ngalanggan réréana mah urang onderneming alias urang perkebunan. Matak kitu gé tangtu wé da di lembur mah pamohalan manggih barang-barang nu sakitu haradé jeung lengkepna. Juragan-juragan Preangerplanter sok ngadon mareuli surutu, kadaharan, papakéan, jeung sajabana.

Ari wangunan nu masih ngadeg nepika anyeuna mah nyaéta gedung de Vries nu geus dialusan deui di taun 1920. Pédah gedungna lega, matak lain toko buku de Vries hungkul nu usaha di dinya téh, aya ogé De Boekenbeurs, nyaéta toko buku nu husus ngajual buku-buku urut, nu dipimilik ku L.A. Lezer. Klass de Vries & Jan Fabricius kungsi medalkeun buku Geschiedenis der Preanger Regentsschappen, Kort Overzigt nu dikarang ku R.A. Kern di taun 1898. Ka béh dieukeun deui, éta wangunan téh kungsi ogé dipaké usaha studio poto jeung warung sangu Padang. (Hanca)

  • Irfan TP : Tukang menyampul buku, peminat sastra & sejarah, bergiat di Komunitas Aleut

 

Advertisements