Lalampahan Kang Agus di Nagara “istan”

garis-batas

Sababaraha waktu nu ka tukang, simkuring parantos ngaréngsékeun maca buku nu dikarang ku sadérék Agustinus Wibowo, anu judulna “Garis Batas”. Tétéla kuring ngaraos reueus duméh sadérék Agustinus pohara ponyo pisan dina raraga nalumtik rupa-rupa kahirupan, kabudayaan, basa, kadaharan, agama, jeung nu sanésna.

Ieu buku téh nyarioskeun lalampahanna di nagara-nagara Asia tengah, nyaéta nagara-nagara tilas jajahan Uni Soviét anu katelah ku sebutan nu matak soak sareng kantos ahéng, nyaéta “Beruang Mérah”. Sateuacan simkuring ngadadarkeun eusi buku, peryogi kauninga heula perkawis “saha” nu nulis buku téh, margi sok aya paribasa dina basa Indonesia anu unggel sareng hartosna parantos kauninga ku urang sadayana.

Sadérék Agustinus (saterasna disebat Agus baé) babar di Kabupaten Lumajang, kirang langkung duapuluh salapan taun ka tukang. Sepuhna masih turunan Tionghoa, saurna mah akina kapungkur angkat ninggalkeun nagara Tiongkok téh margi diudag-udag ku tantara Jepang nu harita nuju ngajajah Tiongkok. Saatos lirén di Singapura, teras baé akina naék kapal nu arah ka Jawa. Sadérék Agus, sapertos ilaharna turunan Tionghoa di Indonesia, nuju jaman budak sareng jaman ngora tangtos seueur ngalaman mang pirang-pirang kajadian anu teu merenah kana manah. Anjeunna sok rajeun janten bahan pikangéwa tur dipoyokan ku barudak nu sok ulin di gang, di jalan nu ngarah ka bumina. Pédah éta ceunah rupina sadérék Agus mah siga Cina, janten sanés pribumi, tah ieu nu dijadikeun alesan ku barudak kampung téh.

Harita, maklum masih budak kénéh, sadérék Agus ogé tangtos ngaraos nyeri haténa. Anjeunna sok ramisak mun uih ka bumina. Nu janten sepuh sok énggal baé naros “Kunaon kasep, bet nangis kitu?” Walerna, “Disebat Cina ku barudak di gang.” Ibuna teras ngawaler deui, “Sawios kasep disebat kitu ogé, da puguh gé urang mah masih turunan Tionghoa, karuhun urang mah turunan oray Naga,” kitu basana téh.

Tah angkat tina pabeulit jatidiri ieu (babar, ageung, sakola, tuang-leueut, tur kantos cicing di nagara Indonesia, tapi getihna masih aya getih Tionghoa), sadérék Agus angkat ngalalana ka nagara-nagara Asia Tengah kanggo nalumtik mangrupa-rupa basa, kabudayaan, tur agama nu dipiyakin ku mangrupa-rupa bangsa nu cicing dina lemah caina séwang-séwangan. Saleresna mah ieu téh buku nu kadua, margi nyambung sareng buku nu ngagaduhan judul “Selimut Debu”, masih kénéh seratan anjeunna. Tapi keun waé, insyaAlloh buku nu kahiji mah kin urang dongéngkeun dina waktos nu sanés.

Saatos réngsé lalampahan di nagara Afghanistan nu ruksak tur ancur ku mangrupa-rupa perang nu teu eureun-eureun ti jaman Uni Soviét dugi ka jaman Amerika Serikat jeung baladna ngalawan Taliban, ieu nagara téh teras baé boloboran getih, sora bom jeung bedil ting beledug unggal waktu jeung unggal juru. Kolot jeung barudak ngora loba nu maot, ibu-ibu loba nu jadi janda, barudak leutik loba nu jadi korban: suku buntung, kalaparan, jeung teu bisa sakola. Rahayat Afghanistan hirup nalangsa jeung tunggara.

Kang Agus neraskeun lalampahanna nyaéta lebet ka nagara Tajikistan, ngaliwatan wahangan gedé nu geus aya ti jaman baheula, éta wahangan téh ngaranna Amu Darya. Mun usum halodo éta wahangan téh lainna sa’at, tapi malah ca’ah kusabab loba gunung és nu lé’éh nu antukna és nu geus liyur ngagolontor minuhan wahangan Amu Darya. Kahirupan di Tajikistan rada leuheung mun dibandingkeun jeung Afghanistan mah. Ma’lum baé kusabab ieu nagara téh masih kénéh urut jajahan Uni Soviét, jadi hasil pangwangunan aya kénéh sésana.

asia-tengah

Ieu mah aya ku kabeneran, lalampahan kang Agus sakabéhna ngaliwatan nagara-nagara nu ngaranna ditungtungan ku kecap “stan” (ngaliwatan Iran ogé kétang). Eté kecap téh asalna tina kecap “istan” (basa Iran) nu ngandung harti “taneuh” atawa “lemah”. Jadi Tajikistan ngandung harti taneuhna urang Tajik, mun Kirgiztan hartina taneuhna urang Kirgiz. Nyak kitu ogé sareng nagara-nagara “stan” nu sanésna sapertos Uzbékistan, Kazakhtan, Turkmenistan, sareng Afghanistan, ngandung hartos nu sami.

Tina sakabéh lalampahan, aya nu montéréng tur matak hélok dina diri kang Agus, hal éta nyaéta pangabisa kang Agus dina widang basa. Anjeunna tiasa sababaraha basa, di antawisna : basa Urdu, basa Parsi, basa Tajik, basa Uzbék, basa Mandarin, basa Rusia, tos tangtos ari basa Inggris mah, da puguh gé éta mah basa dunya alias basa internasional, kang Agus norolang pisan. Tah dibekelan ku sababaraha kamampuan basa ieu anjeunna amprak-amprakan ka pilemburan di unggal juru nagara batur. Tétéla geuning basa téh kacida pisan pentingna dina kahirupan umat manusa.

Tina lalampahan kang Agus milangan lembur jeung kori, aya hiji carita nu matak reueus tur bangga keur urang salaku rahayat Indonésia, nyaéta aya sakola luhur di Uzbékistan nu ngagaduhan jurusan basa Indonesia. Kang Agus kantos pendak sareng salah sahiji mahasiswana, éta budak mahasiswa téh kantos diajar di Surabaya waktos kénging béasiswa. Aya ogé hiji guru tari nu diajar basa Indonesia, pokna saur éta guru téh, “ieu basa téh kadanguna meni raoseun, halimpu tur merenah.”

Barudak anyeuna mah sok rajeun nyebat ka jalma nu sok lalampahan jauh tur bekelna pas-pasan téh kusebutan “Backpacker”. Tah, kang Agus ogé seueur nu nyebat ka anjeunna backpacker, nanging naon baé sebatanna, tina lalampahan jauh kang Agus ieu pohara seueur pisan pulunganeun kanggo dileyepan ku urang sadayana. Ti wit hormat ka nu janteun sepuh, sukur kana hirup, tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah, dugi ka kumaha carana urang hirup di alam pawenangan ieu nu pinuh ku mangrupa-rupa garis pamisah antara hiji jalma sareng jalma nu sanesna, hiji bangsa sareng bangsa nu sanesna. Tah, mugia baé urang sadayana tiasa diajar tina pangalaman kang Agus ieu, malah mandar janten panggeuing kanggo manah urang sadayana. [irf]

Advertisements

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s