ki-umbara

Baheula aya hiji carita pondok nu dikarang ku A.A. Navis. Éta carita téh loba pisan meunang pujian ti para kritikus sastera, teu bireuk deui éta carita téh nyaéta Robohnya Surau Kami. Nu nulisna telenges pisan ka tokoh-tokohna. Carita éta téh saéstuna ngandung sindir-sampir keur balaréa, utamana ka jelema-jelema nu ngan ukur mentingkeun kahirupan ahérat bari cul ninggalkeun jeung mopohokeun kahirupan dunya nu keur dilakonan.

Aya hiji hal nu sarua antara carita A.A. Navis jeung kumpulan carita pondok nu dikarang ku Ki Umbara, sandiasmana H. Wiredja Ranusulaksana, nyaéta duanana sarua ngagunakeun tokoh merebot atawa nu sapopoena sok nungguan masigit. Sakurang-kurangna dina ieu buku aya tilu carita pondok nu dijérona nyaritakeun polah jeung lampah merebot.

Tapi mun A.A. Navis mah ngawangun tokoh merebot téh hiji jelema nu hirup nyorangan alatan teu rarabi, jeung jang nepikeun pesen lampah nu kurang bener, Ki Umbara mah sabalikna. Tokoh merebot nu diwangun ku Ki Umbara nyaéta hiji lalaki kolot jeung sakumaha ilaharna jelema nu séjén, merebot ge sarua bogaeun pamajikan.

Merebot nu aya dina carita A.A.Navis ditungtung caritana dipaéhan ku pangarangna, ku jalan maéhan sorangan, hal éta alatan manéhna ngarasa teu guna jadi merebot. Dina carita Ki Umbara mah merebot téh malah jadi tukang mapatahan jeung tukang ngageuingkeun ka jalan nu hadé.

Dina carita Teu Tulus Paéh Nundutan dicaritakeun aya hiji jelema nu lamokot ku dosa. Sanggeus manéhna kolot jeung geus pangsiun tina pagawéan, manéhna balik ka lembur. Rasa kaduhung dina haténa untab-untaban kusabab geus milampah polah nu salah.

Hiji waktu éta jelema téh panggih jeung merebot. Pondokna carita jelema éta ngabudalkeun kaayaan dirina nu kaduhung teu manggih tungtung, sok sieun teu bisa tobat jeung mun tobat ge sok sieun ibadahna teu ditarima ku Gusti Alloh. Mang merebot teu éléh géléng, anjeunna derekdek ngadongengkeuh hiji carita nu tujuanna pikeun méré conto atawa eunteung keur jeleme nu disanghareupanna.

Nya alhamdulillah saba’da merebot ngadongéng, éta jelema tuluy baé nganiatan rék tobat, tobat nu sabenerna. Ieu meureun aya nu panasaran dongéng naon nu dicaritakeun ku merebot téh nepikeun bisa ngarubah niat jelema? Mangga baé éta mah diaos nyalira tina bukuna 🙂

Lian ti eta, dua carita pondok nu ngeunaan merebot nu séjénna nyaéta Tukang Teluh Jadi Merebot jeung Mang Merebot Dipinangsaraya. Tina sakabéh caritana nu aya pakuat-pakait jeung kahirupan merebot, Ki Umbara teu maéhan tokohna, malah mah anjeunna nétélakeun yén kahirupan merebot téh lolobana mah rahayu ditangtayungan ku Gusti Nu Kagungan. [irf]

 

Advertisements